Selasa, 10 Juli 2012
MICEUNAN RACUN
Sare deui……..sare deui! Biasana jalma anu gaduh karesep sare sok dipoyok si Tumor alias tukang molor. Tapi si horeng sare anu bener waktuna jeung tempatna, bisa mangpaat keur kasehatan!
Anu normalna mah sare the nepi ka 8 jam sapeuting, ngabantu miceunan racun dina salira urang, numutkeun panalungtikan DR. Lily G. Karmel ti Fit’n ChicFamily Fitness.
Ngawitan ti jam 9 peuting nepi ka jam 7 isuk, salira urang miceunan racun supaya
urang tetep sehat. Kieu numutkeun waktu-waktuna :
1. Jam nepi ka 11 peuting, proses pertumbuhan jeung miceunan racun kalawan alamiah. Umumna proses kieu the tumerap ka barudak laleutik the kudu geus sare ti jam 9.
2. Jam 11 peuting nepi ka jam 1 janari: proses bebersih dina liver atawa ati.
3. Jam 1 nepi ka jam 3 janari : racun dina empedu dipiceunan.
4. Jam 3 janari nepi ka jam 5 subuh: racun dina usus besar dipiceunan.
5. Jam 5 nepi ka jam 7 isuk; racun dina usus besar dipiceunan.
Salian ti eta, ti jam 12 peuting nepi ka jam 4 subuh the salira urang heunteu liren barang damel. Sumsum tulang pengker terus ngahasilkeun getih nalika urang sare kalawan tibra. Nu mawi saena mah urang sare 7 nepi ka jam 8 jam sapeutingna.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar